PRANATA MANGSA

KASA (Kahiji). Mangsa kahiji mimitina ti tanggal 21 Juni – 31 Juli, lilana 41 poe. Mangsa ieumah lain waktu keur tatanen sabab usum halodo.
Cicirena :
- Angin datangna ti kaler wetan,
- Loba tatangkalan nu murag dauna,
- Sato-sato laleutik kayaning jangkrik jeung sajabana endogna malegar,
- Kaayaan hawa ti beurang karasana kacida panasna ari ti peuting tiris,
- Lauk di walungan heunteu laliar,
- Kaayaan taneuh panas,
- Bentang wuluku aya di belah wetan,
- Kalangkangna nepi ka kidul.
KARO (Kadua). Mangsa kadua mimitina ti tanggal 1 Agustus – 23 Agustus, lilana 23 poe. Perlambangna : Betule rengko tanah Beulah. Mangsa ieumah patani mimiti miara solokan pikeun kapentingan sawahna.
Cicirena :
- Angin datangna ti kidul kaler nuju ka kulon,
- Ti beurang tetep panas tipeuting tiris,
- Taneuh gararing nepi ka beulah,
- Solokan, walungan jeung sumur caina orot, kadang-kadang aya anu saraat,
- Tatangkalan barijil daun anyar (pucukan) saperti tangkal karet atawa jeruk,
- Isuk-isuk bentang wuluku aya di wetan,
- Tatangkalan bungbuahan mimiti karembangan,
- Nu pepelakan palawija ngurangan, kajaba nu umurna pondok saperti bonteng, jaat, atawa oyong.
Katiga (Katilu). Mangsa katilu mimitina ti tanggal 24 Agustus – 16 September, lilana 24 poe. Perlambangna : Akar-akar mimiti barijil.Mangsa ieu waktuna pamupukan pepelakan anu umurna panjang saperti kalapa, kadu, rambutan, peuteuy, cau, jeung sabangsana.
Cicirena :
- Angin datangna ti kaler,
- Hawa mimiti tiis tapi karasana seger,
- Tatangkalan daraunan,
- Palawija sedeng dipanen (diala hasilna),
- Di sawah rata-rata nyurup caina tapi tempo-tempo geus aya nu tebar pare.
Kapat (Kaopat). Mangsa katilu mimitina ti tanggal 17 September – 11 Oktober, lilana 25 poe. Perlambangna : Gumading resmi (Gumbira).Mangsa ieu loba anu katerap nyeri beuteung jeung utah-utahan.
Cicirena :
- Angin datangna ti kulon niupna muter nimbulkeun hujan atawa datangna hujan,
- Mimiti kadenge sora gugur,
- Sasatoan anu sukuna opat baleger (birahi), manuk-manuk nyarieun sayang rek ngendog, lauk di walungan tina liang-liang leuwi kalaluar (liar),
- Tangkal randu baruahan tempo-tempo geus aya anu kolot buahna,
- Gadung mimiti nyareng,
- Patani sibuk panen palawija jeung ngagarap sawahna.
Kalima. Mangsa kalima mimitina ti tanggal 12 Oktober – 7 November, lilana 27 poe. Perlambangna : Pancuran sumawur ing jagat (musim hujan).Mangsa ieu waktuna ngagarap sawah.
Cicirena :
- Angin niupna tarik, datangna ti kaler kulon bareng jeung hujan, ari hujan datangna sore-sore atawa isuk-isuk,
- Tatangkalan loba anu raruntuh kaanginan, Siraru mimiti kalaluar tina hunyurna, oge bongborosan mimiti jadi,
- Tangkal asem mimiti kaluar daun anyar, Patani giat ngurus huma,
- Sabangsa oray jeung ulam mimiti kalaluar, oge laleur halaliber.
- Tebar pare jero bulan November, sawah mimiti ditanduran, sabagian patani sibuk ngatur ngagarap sawahna, oge tebar, Bentang wuluku katembongna pasosore.
Kanem (Kagenep). Mangsa kagenep mimitina ti tanggal 8 November – 20 Desember, lilana 43 poe. Perlambangna : Ni’mating roso (ngarasakeun kanikmatan).
Cicirena :
- Angin niupna tarik, datangna ti kulon,
- Hujan loba,
- Buah rambutan, kadu, dukuh, manggah geus arasak,
- Bentang wuluku katembong pasosore,
- Sawah anu cukup caina waktuna dirambet munggaran, malah dipagununganmah masih aya keneh nu keur ngagarap sawahna,
- Sabangsa kutu kuya, getok, peupeundeuyan keur arendogan.
Kapitu (Katujuh). Mangsa katujuh mimitina ti tanggal 21 Desember – 1 Februari, lilana 42 poe. Perlambangna : Guci pecah ing lautan (guci Beulah di laut). Mangsa ieu usum panyakit. Di sawah pagunungan masih aya keneh nu keur talandur, jagong jeung kacang di huma meujeuhna diala hasilna.
Cicirena :
- Hujan loba nepi ka timbul banjir,
- Di sawah pagunungan bisa ditanduran,
- Angin datangna ti kulon sarta teu tetep,
- Hawa tiis, cai di sawah ngarepér saperti ngagolak, hiji tanda yen taneuh masih panas,
- Sabangsa manuk teu pati disarada,
- Kini-kini, kuang-kuang getok jeung peupeundeuyan aranakan,
- Bentang wuluku katembongna pasosore.
Kawalu (Kadalapan). Mangsa kadalapan mimitina ti tanggal 2 Februari – 28 Februari, lilana 27 poe. Perlambangna : Puspo anjrah (jeroning kayung seungi sajeroning hate). Mangsa ieu waktuna pepelakan umur panjang. Pare di huma mimiti bareukah.
Cicirena :
- Angin datangna ti kaler kulon niupna muter,
- Hujan mimiti rada ngurangan,
- Sabangsa bangbung, lege, kutu kuya hihiberan kaditu kadieu, kuuk kalaluar, ucing balaleger.
Kasongo (Kasalapan). Mangsa kasalapan mimitina ti tanggal 1 Maret – 25 Maret, lilana 25 poe. Perlambangna : Wedaling wacono (timbul babasaan). Magsa ieu pare huma geus koneng sarta aya nu keur dipanen, nya kitu deui di sawah sawareh geus mimiti dipanen.
Cicirena :
- Angin datangna ti kidul, tempo-tempo isuk-isuk sarta ngarusak kana pare nu keur bareukah,
- Hujan beuki kurang tapi sora gugur loba,
- Tonggeret, kasir disarada,
- Loba panyakit panas, koreng, atawa nyeri beuteung.
Kasada (Kasapuluh). Mangsa kasapuluh mimitina ti tanggal 26 Maret – 17 April, lilana 23 poe. Perlambangna : Gedong ukeb jeroning kalbu (gedong jero hate). Mangsa ieu di pagunungan parena geus arasak sarta sawareh paranen, anu subur ku cai mah sawahna keur digarap, sarta mimiti tebar.
Cicirena :
- Angin datangna ti wetan kidul,
- Sasatoan keur rareuneuh,
- Sabangsa manuk recet disarada, sawarehna nyarieun sayang.
Desta (Kasabelas). Mangsa kasabelas mimitina ti tanggal 18 April – 10 Mei, lilana 23 poe. Perlambangna : Pamungkas sinorowedi(patani sibuk panen). Mangsa ieu masih waktuna pepelakan palawija umur pendek. Di sawah sibuk talandur atawa aya oge anu malawija saperti melak bako, jagong jeung sabangsana.
Cicirena :
- Angin datangna ti kidul wetan,
- Hawa panas, jeung taneuh panas,
- Hama kungkang mimiti ngarusak pepelakan di sawah atawa di huma,
- Tatangkalan mimiti dauna marurag.
Sada (Kaduabelas). Mangsa kaduabelas mimitina ti tanggal 11 Mei – 21 Juni, lilana 41 poe. Perlambangna : Tirta syaksing saseno (cai ninggalkeun tempatna). Mangsa ieu waktuna tebar nyadon atawa melak palawija.
Cicirenna :
- Angin datangna ti wetan,
- Hawa tibeurang panas, ari tipeuting tiis (tiris) teu pati kaluar kesang,
- Dangdaunan lalayu teu tahan panas,
- Loba panyakit malaria, jalan ngebul, ari watek jelema babari napsu,
- Datang hama pare.
Repost dari http://dedeng-imam.blogspot.com/2012/01/pranata-mangsa.html
iklan 3
0 Comment for "Infotan : Repost PRANATA MANGSA (edited Dedeng ILH)"